Wawacan Layang Muslimin Muslimat nyaéta naskah kuno karangan R.Asep Martawijaya urang Pataruman Tarogong Garut anu ditulis dina wangun wawacan. Ieu naskah téh eusina mangrupa sastra kaagamaan ngeunaan bebedaan istilah wajib jeung fardu, solat lima waktu jeung gerakanna, 4 (opat) rupa mapsu, rukun Islam, rukun iman, kitabullah anu jumlahna opat, rukun syahadat, opat rupa amal, opat unsur alam nyaéta taneuh, angin, seuneu, jeung cai, carita dipiceunna Nabi Adam jeung Siti Hawa ka alam dunya, jumlah poe dina saminggu (palawangan) jeung dawuh lima anu dikaitkeun/disimbulkeun jeung pancaindera, sarta jumlah bulan dina sataun jeung jumlah poe dina sabulan anu disimbulkeun ku awak manusa.

Di sagedengeun minangka naskah kaagamaan, Layang Muslimin Muslimat ogé munel ku pangatikan moral anu pohara luyu jeung boga mangpaat pikeun kahirupan manusa, utamana pikeun ngungkulan krisis moral anu kiwari karandapan. Pangatikan moral anu disebutkeun téh nyaéta jujur, kreatif, religius, tanggun jawab, santun, taliti, gawe bareng, silih ajenan, leukeun, kritis, rasional, ludeung, rela berkorban, cinta elmu, gawe rancage, sabar, disiplin, jeung mikir positif.

Paguneman Papahaman Elmu Agama Sareng Kataohidan Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat 

Jejer bubukaning carita, nyaritakeun di hiji nagara jujuluk Ragataya ari jenengan rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah, Prameswarina jenengan Ratna Atiyah. Parantos kagungan putra dua pemeget, jenenganana, anu cikal Raden Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos pada-pada dewasa, estuning dipikadedeuh ku ibu rama, diatik elmu pangaweruh pikeun kaperluan hirup di dunya, oge diimbangan ku “Elmu Agama” pikeun jalan pulang engke ka akherat. Raka sareng rai istuning pada hormat, ngesto suhud kana piwejang Rama sareng Ibu.
Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup kana kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos sawawa, pasagi pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh pamitan ka Ibu Ramana, seja ngalih tempat ka “ Lembur Singkur ”, supados langkung khusyu enggoning ngalenyeupan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian, bari dijajap ku du’a restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah suapaya tumaninah tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju anteng ngalenyeupan Elmu anu aya dina kitab, norojol raina Raden Muslimat, gek calik payuneun bari sila meneko, bari pok nyanggem :

  1. Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
  2. Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh anu ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu masih keneh teu acan ngartos teh ?.
  3. Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis “ kecap Agama “, naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana “ gunana Agama “, pikeun manusa?.
  4. Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina “ henteu “. Gama, hartina “ Kacau “. Jadi lamun dihijikeun mah A- Gama teh hartina “ henteu kacau “. Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa “ ageman, padoman, tuntunan “ sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju.
  5. Rd. Muslimat : Euh…….tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab, dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama teh ?.
  6. Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh “ Din “. Geuning dina dalilna oge kieu “ INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM “, Sundana : “Mungguh Alloh, Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna”. Teras sanggeum hadist Rasululloh kieu : AWALUDINI MA’RIFATULLOH “, Sundana : “ Awal-awalna Agama teh kudu Ma’rifat heula ka Alloh”.
  7. Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya supaya ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi…. Rai sok mendakan, kanyataan di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama, teu pika teu patanya jeung tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala ngeunaan “ kaidah-kaidah agama “. Tah upami nu kitu kumaha ?.
  8. Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da dituduh kitu mah moal teuing kersaeun.
  9. Rd. Muslimat : Ke……ari di turunkeunana agama ti kawit iraha ?, naha ti mimiti Nabi mana ? ……. Cing manawi aya katerangan .. ?.
  10. Rd. Muslimin : Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos nurunkeun agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat manusa. Ngan di luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning aya katerangan, nalika jaman Nabi-nabi, sateacan Nabi Muhammad termasuk ngeunaan sahadat-na para Rasul, di antawisna :

RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH”
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna ). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) roka’at, sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.

RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM HALILULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “BASHIR WAL BASHIRAN”. (Artina : Soca jeung Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4 (opat) roka’at, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.

RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH”. Kitabna nyaeta Taurat.
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “KALAM WAL MUTAKALIMAN”. (Artina : Ucap jeung Nu ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3 (tilu) roka’at, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.
Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa diteraskeun ku Nabi Dawud A.S. Ari Kitabna nyaeta Jabur.

RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH”. Ari Kitabna nyaeta Injil.
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) roka’at, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.

RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH”. Ari kitabna nyaeta Al-Qur’an.
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu Ma’rifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : “AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU”. (Artina : Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad – Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.
Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih “Tasjidna” asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD – UCAP – LAMPAH anu suci. Mangga lenyeupan. Saur sepuh : “KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA”.

  1. Rd. Muslimat : Ke kang….aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil, sareng Qur’an atawa sami ?.
  2. Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana wahyu teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana mah. anu nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ), ngan nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka akhirna jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Qur’an mah, eusina teh nerangkeun ti awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU – WAL AKHIRU, ti kawit Nu Maha Suci (Dzat) jumeneng “ Sifat “ nyaeta Nur, atawa Hakekat Muhammad (Johar Awal), teras janten Nur Muhammad, teras ngajantenkeun Alam Semesta, teras ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka janteun Muhammad Nabi Panutup, terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke Kiamat.
  3. Rd. Muslimat : Ke….kang !, Al-Qur’an teh cenah sok disebut Dalil atawa Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok kieu, teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.
  4. Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan. Kapan sanggem Rasululloh oge : “ TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta patarosan teh nenggeul teuing sok sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug jelas katarimana, eta mah kudu malapah gedang heula. Ke urang papay saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha lalakon Muhammad nalika di “ Guha Hiro “ kasumpingan Malaikat Jibril masihkeun wahyu anu kahiji.
  5. Rd. Muslimat : Punten kang….nafsu teuing abdi, da hoyong enggal-enggal jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di dinya teh ?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh dikaluar-kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.
  6. Rd. Muslimin : Rai…..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita mah, tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna, kapan ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW di Isro jeung di Mi’rajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate acan eta mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng sumerah diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.
  7. Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu mah, panginten ku bersihna “ Qolbu” Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?.
  8. Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu mawi rai…., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawa HATE bersih tina kokotor-kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas gede). Jadi wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang, sawaktu-waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
  9. Rd. Muslimat : Ke….kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Qur’an. Naha tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku mantenna atawa kusaha ?.
  10. Rd. Muslimin : Rai…!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku “ Caangna manah Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi pupus nyaeta ku Sayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah mufakat.
  11. Rd. Muslimat : Tah…ayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna atawa gunana Al-Qur’an keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.
  12. Rd. Muslimin : Kieu….rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh lain lur kitu wae, tapi puguh Tujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :
    1. TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya (Pidunya Hasanah).
    1. TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana kalancaran “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN “. Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken tina Jasmani ngagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut “ Karya” atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung kana museurkeun “ Cipta, rasa, jeung karsana “, kana ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu “ Dua pasangan “ nyaeta “ Alam Semesta sareng Agama pikeun imbangannana.
  1. Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang…!, tadi sanggeum engkang gumantung kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna kumaha upama salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta kana Alam Semesta ?.
  2. Rd. Muslimin : Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda, bakal ngahasilkeun mangrupi “ Elmu teknologi “, saperti dilaksanakeun ku bangsa deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung karasa, jadi lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon, jadi Radio, jadi televise, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum). Tah teknologi ieu upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi ancur.
Contona : Ku hasil karyana mangrupa bom jeung rudal, kapan dicadangkeun keur maehan jalma. Jadi nya gede mangfaatna, oge gede bahayana pikeun kahirupan umat manusa. Jedi perlu diimbangan.
  1. Rd. Muslimat : Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka Ciptaan Allah SWT, anu mangrupa Agama ?
  2. Rd. Muslimin : Upama jalma muserkeun teuing kana “Agama”, eta akibatna awon bakal “ Leuleus”, dina arti bakal katinggaleun dina widang elmu teknologi, pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus dina ngudag kamajuan jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa bangsa-bangsa Eropa, Amerika, jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge urang Asia kaasup Indonesia ?, kapan bangsa Eropa jeung Amerika mah disebutna oge nagara maju.
  3. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang paingan saur sepuh, kudu “ Sineger tengah”. Jadi upami kitu mah urang teh kudu pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu lahir anu muserkeun kana “ Ngali, naliti Alam Semesta”, pikeun nyumponan kaperluan kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa ajaran Agama mah pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung teuing, bisi hasil elmu lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi sabalikna jadi mamala pikeun umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas manusa sajero di pangumbaraan mah, cohagna mah kudu boga elmu, kudu pinter bari bener (Pi dunya khasanah). Tah ayeuna teraskeun kana “ Tujuan jangka panjang”, (Wa pil akhiroti khasanah), suapaya salamet perjalanan mulang deui ka akherat atawa “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN ”, mulang deui ka Allah SWT.
  1. Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya di dunyana, gumantung “ Elmuna” tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana, naha elmu anu dipibandana teh jadi “ Karya” henteu ?, lamun geus jadi karya, naha anu matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa oge karya anu mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di amalkeun ka papada manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di amalkeun nu nunjel kana kalancaran, kasalametan urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu ngalaksanakeun tujuan jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur engke geus datang ka akherat.
  1. Rd. Muslimat : Ke…kang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari ngeunaan elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
  2. Rd. Muslimin : Euh…! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai, atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan “ Elmu Agama” ieu disused sing tepi ka tutug, sabab lamun henteu tutug, engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh biasana oge anu poekeun. Kusabab kitu, ngajina sing tepi ka “ CAANG “, ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH ”. Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh. Ngandung harti, urang teh kudu maluruh heula “ INNA LILLAHI “ nyaeta “ Asal ti Allah”. Eta rai, rumasa asal ti Alloh ?.
  1. Rd. Muslimat : Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah…..
  2. Rd. Muslimin : Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?
  3. Rd. Muslimat : Nya henteu atuh.
  4. Rd. Muslimin : Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.
  5. Rd. Muslimat : Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustas, sanggeum Pa Haji, sareng seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal manusa teh ti Alloh. Ari kitu kumaha ?
  6. Rd. Muslimin : Kieu …..rai,…..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin, komo deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil oge :
ﻮﺍﻋـﺒـﺪ ﺮﺒـﻚ ﺤـﺗﻰ ﻴﺎﺗـﻴﻚ ﺍﻠﻴـﻘـﻴﻦ
WA’BUD ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAKIN,
Anu hartosna : Nyembah ka Alloh teh kudu sidik sarta yakin. Tah upama urang percayana asal ti Alloh karana eceuk, beja ti papada urang atawa ti papada manusa, eta percayana atawa iman-na teh disebut Iman Taklid, atawa Ilmu Yakin
  1. Rd. Muslimat : Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa. Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh ?.
  2. Rd. Muslimin : Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin. Rada undak tina Iman Taklid.
  3. Rd. Muslimat : Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu saleresna ?, cing pasihan terang !.
  4. Rd. Muslimin : Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin, lain cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta dua beja teh parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk kuring pribadi. Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos ti rerencangan yen aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku “ Pamplet” boh anu ditapelkeun boh anu di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal matak jadi yakin. Tapi upami rai nyalira teras angkat, meser karcis, teras lebet nongton, kasaksian enya pisan beja teh bener. Tah ibarat kitu urang percaya atawa iman, yakin ka Alloh teh.
  5. Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh , mung carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu kumaha ?
  6. Rd. Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna atawa tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa ceuk, cenah mah, nya ngan semet “ Basa”. Tina “ Maca” jadi “Basa”, henteu nepi “Karasa”. Upami hoyong dugi kana “Karasa”, nya kedah susul sakumaha anu parantos dipayunkeun tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist : AWALUDINI MA’RIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman “ Elmu Ka-Ma’rifatan”. Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN AGAMA.
  7. Rd. Muslimat : Ke…kang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama, manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku engkang dadarkeun ?

  1. Rd. Muslimin : Anu matak oge rai…..!, kedah ngotektak, kedah rapekan, da elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos tutug, atawa nutup “ Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang” pokna teh , padahal eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri, hartina ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
  2. Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun engkang oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
  3. Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah….ayeuna urang rek nurut teh kana naonnana ?
  4. Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana “ Elmuna”, boh anu aya rengkolna dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha anu ngangken ka Anjeunna.
  5. Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen “Elmu” (katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna disebatna nya “ RUKUN AGAMA “ tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta “Henteu kacau”.
  6. Rd. Muslimat : Ke…kang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
  7. Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-hijina nyaeta :
    1. ELMU SYAREAT
    2. ELMU TAREKAT
    3. ELMU HAKEKAT
    4. ELMU MA’RIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh, antara ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu, oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait (satu kesatuan).
  1. Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi rai pasihan terang !.
  2. Rd. Muslimin : Ih…. Kantenan atuh ay amah, kieu geura :
    1. Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : “ Ari neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula, terus kedah Tauhid, kedah Ma’rifat, salajengna nembe Islam. Tah geuning parantos kasebat Ma’rifat.
    2. Engkang kantos nguping kieu : “ SYAREATUN BILLA HAQIQATUN ATILLATUN”. Anu hartosna : “ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah kosong”. Atuh sawangsulna “ HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN”. Hartosna : “ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal”.
    3. Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :
      • Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
      • Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
      • Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
      • Ari MA’RIFAT teh : Tujuan Kami.

    1. Hadist Rasululloh :
ﺍﻮﻠـﻮﺪ ﻴﻦ ﺍ ﻤﻌﺮﻓـﺔ ﺍﷲ ﺗﻌـﻼ
AWALU DINI MA’RIFATULLAHI TA’ALA
   
Anu hartosna : “awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh Ta’ala”.
Rupina rai…!, pikeun saksi yen leres elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Aya 4 (opat) tahap, di anggap cekap heula.
  1. Rd. Muslimat : Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan jelaskeun kumaha tah peretelan hiji-hijina.
  2. Rd. Muslimin : Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat badagna wae, kieu geura :
Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka Imanan, yen Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek ngalaksanakeun sagala aturan-aturan atawa katangtuan katut kadisiplinan “ ibadah” anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat ka “ Kolot”, ka “Guru”, ka “ Pamingpin” (Penguasa), tur kudu patuh kana aturan-aturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan lingkungan. Cohagna, Syareat mah muser dina “ Sah jeung batalna ibadah”, boh “ Hablum minalloh”, boh “Hablum minannas”, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.
Tapi…..rai, upami jalmi parantos ngaraos cekap semet ibadah Syareat upami nembe ngaku percaya wungkul ka Alloh (kakara “ Taklid” sareng “ Idlal” ), teras nembe terang sarta apal kana hukum-hukum, kawajiban-kawajiban, katut sah batalna ibadah, eta teu acan cekap tiasa numuwuhkeun “ rasa sieun ku Alloh”, upami teu disarengan ku “ nitenan atawa ngelesan jiwa”. Ibarat tukang “madu gula”. Tina ngupingkeun, tina Maca bakal jadi Basa, can tangtu Karasa ku pribadina. Anu mawi sanggeum Kanjeung Nabi Muhammad SAW, Syareat teh Caritaan Kami.
  1. Rd. Muslimat : Janten ibadah teh ulah betah semet dinya nya kang ?, ayeuna cobi teraskeun kana tahap ka dua “ Tarekat “.
  2. Rd. Muslimin : Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat, mesek tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras neangan jalan, cara pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan “ Hate atawa Qolbu “ tina kotoran-kotoran “ Hawa Nafsu” anu ngancik teu pisah di diri manusa. Pastina oge bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna. Ibadah dina Tarekat mah muserkeun “ Pamolah Kalbu/hate” saolah-olah dipencrong ku Alloh SWT.
DINA AL-QUR’AN DI JELASKEUN :

Thariqat ( ﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) Artina : Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.

ﺍﻴﺎ ﻴـﻬﺎ ﺍﻠﺬ ﻴﻦ ﺍﻤـﻧﻮﺍﺍﺗـﻘـﻮﺍﺍﷲ ﻮﺍﺒـﺗـﻐﻮ ﺍﺍﻠﻴـﻪ ﺍﻠﻮﺴـﻴﻠﺔ ﻮﺠﺎﻫـﺪﻮﺍﻓﻰ ﺴـﺒـﻴﻠﻪ ﻠـﻌـﻠﮑﻤ ﺗـﻔﻠﺤﻮﻦ ە۳
Artina : “Hai jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa ka Allah, jeung usahakeun / teangan Jalan (ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) anu ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na. Jeung kudu Jihad tina Jalan-Na (Allah) ngarah maraneh menang kemenangan (Dunia-Akhirat)”. (Q.S. Al-Maidah Ayat 35).

WA ANNA MINNAA SHOLIHUUNA WA MINNAA DUUNA DALIKA KUNNA THARAAIQO QIDADAN
Anu hartosna : Sabenerna di antara maraneh aya jalma-jalma anu saroleh, oge aya anu henteu. Eta teh maraneh nyarokot jalan (Tarekat) anu beda-beda. (QS. Al-Jin Ayat 11).

ﻮﺍﻦ ﻠﻮﺍﺴـﻘـﺎ ﻤﻮﺍﻋﻠﻰ ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ﻻ ﺴﻘـﻴـﻧﻬﻤﻤـﺎﺀ ًﻏـﺪ ﻗﺎ ۱٦
Artina : “Jeung saenyana lamun maranehna tetep tumetep dina jalan anu lurus ( ﺍﻠﻄﺮﻴـﻘـﺔ ) sesuai kalawan ISLAM, saenyana Kami baris mere nginum anu bisa ngaleungitkeun hanaang jeung haus”. (Mere pituduh Tarekat pikeun ngaleungitkeun jiwa anu kalangsu jeung sesat).” (Q.S. Aj-Jin Ayat 16).
Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat, nurutkeun katerangan ti Sahabat Sayidina Ali kieu : “ Kuring tumaros ka Rasululloh, Ya Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana anu paling deukeut pisan ka Alloh, sareng panggampil-gampilna salaku Abdi Alloh tur anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh SWT ?.
Waler Rasululloh : “ Ya Ali, penting pikeun anjeun sing ngalobakeun khusyu “ Dzikir” ka Alloh.
Syaidina Ali : “ Saban jalma Dzikir ka Alloh ?
Rasululloh : “ Ya Ali, moal kajadian kiamat, satungtung anu nyaricingan di luhur bumi ieu, jalma-jalma sok ngarucapkeun Alloh….. Alloh.
Syaidina Ali : “ Kumaha carana Dzikir ya Rasululloh ? “.
Rasululloh : “ Cing peremken panon anjeun, sarta dengekeun naon anu di ucapkeun ku Kami”. Teras Rasululloh masihan conto, ngucapkeun “ LAA ILAHA ILALLAH “ tilu kali, bari socana peurem.
Syaidina Ali : “ Nurutan sakumaha anu di contokeun ku Rasululloh ngucapkeun “ LAA ILAHA ILALLAH” tilu kali bari pereum.
Tah ajaran ieu, saterusna ku Syaidina Ali di ajarkeun deui Hasan – Husen sareng pala putra putrina dugi ka para Allul Bait-na. Saterusna mah nya ngawujud jadi Elmu pendidikan anu ayena disebat elmu Tarekat / Tasawuf. Jelasna, yen tarekat / tasawuf teh, mangrupa bagian tina Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat wajib dikanyahokeunana ku sakumna Muslimin, atuh tarekat / tasawuf oge hukumna wajib di kanyahokeun. Imam Malik : ngaringkeskeun jalan pikiran ngeunaan ha lieu, sarta pamadeganana kieu: “MAN TAFAQQOHA BIGHOIRI TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF BIGHOIRI TAFAQQUTIN FAQOD TAHAQQOTA“. Anu hartosna : “ Saha-saha anu ngulik Elmu Fikih bari Tauhid wungkul, bari henteu ngulik Elmu Tassawuf/Tarekat, pasti boga laku Fasek (kurang moral). Sabalikna saha-saha anu nganut Tassawuf bari henteu dibarengan ku Fikih sarta Tauhid, eta bakal jadi golongan Zindik (nyelewengkeun Agama). Saha-saha anu ngalaksanakeun dua-duana, eta anu jadi golongan anu Hakiki (tulen).
  1. Rd. Muslimat : Nuhun pisan kang kana sagala rupi pedaranana perkawis tahapan Elmu Tarekat. Ayeuna mugi ulah kapalang, teraskeun kana tahapan Elmu Hakikat.
  2. Rd. Muslimin : Kieu et amah rai, saupami jalmi parantos kateleuman Elmu Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku Ridho Alloh SWT, nya bakal kapendak “ Hakekat “ (Kanyataan anu benerna), mangrupa tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana ditulis di “ Lauhim Mahfuds “. Sabab sagala rupa anu bakal kajadian parantos aya tulisanana didinya. Ngan gumantung kana bersih sareng kotorna “ Qolbu” atawa Hatena jalma. Upami kaayaan beresih “ Kaca kalbu na hate” nya bakal bisa noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa ningali Elmu anu aya didinya. Ari anu jadi hijab (pepedut), panghalang antara kalbu/hate sareng Lauhim Mahfudz teh nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh aya dua lawang atawa panto : Panto Kahiji nyaeta anu mukakeun “ Panca indera” anu nyoko kana “ Alam Wujud” ieu. Panto Kadua, upama teu kahalangan ku “ Hijab”, nya molongpong ka “ Alam Malakut”, sabab alam nu aya ieu, asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut / Lauhim Mahfudz.
  1. Rd. Muslimat : Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji deui kana tahap Ma’rifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.
  2. Rd. Muslimin : Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae rai, da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog. Perkawis Elmu Ma’rifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan manusa parantos ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina tahapan ieu, jiwa manusa parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal ngaraos digunjang-ganjing ku kabungah atawa prihatin ku haliah dunya. Istuning parantos teguh tangtu hatena, percaya kana Wujud-Na Dzat nu Wajibul Wujud, tur parantos tembusna paningal atina kana Dzat Alloh ku ridho tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai, perkawis Elmu Ma’rifat mah.
  3. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang ….!, kana sagala rupi penjelasanana. Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu ilahar dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah. Cik kang !, manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil katangkepna.
  4. Rd. Muslimin : Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu :
ELMU SAREAT Teh ibarat “ WANGUNAN KAPAL LAUT”
ELMU TAREKAT Teh ibarat “ KAMUDI KAPAL LAUT”
ELMU HAKEKAT Teh ibarat “ LAUTNA”
ELMU MA’RIFAT Teh ibarat “ INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT”
Jadi enggoning ngudag tujuan menangkeun inten eta, jelas kedah kagungan Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese belekena, bari eungap teuleum ka dasar laut. Upama kuat, teras kapendak, karasa kecepeng eta inten ku pribadina, nya Ma’rifat (nyaho), lain ceuk cenah beja wungkul, yen didasar laut palebah dinya teh aya inten.
  1. Rd. Muslimat : Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Ma’rifatan teh ngait pisan sareng Hadist “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “ tea ?
  2. Rd. Muslimin : Kitu pisan rai !, da Ma’rifat mah penting pisan, mangrupi enas-enasna tina Iman.
  3. Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu kahiji oge cukup ku “Amantubillah”, nyaeta “ Percaya ka Alloh” , geuning teu aya tumbah tambihna ?
  1. Rd. Muslimin : Rai….!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan et amah, ari tingkatanana mah kapan ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap, nyaeta : IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,IMAN TAHKIK (HAKUL YAKIN) alias Ma’rifat kitu tah.
  2. Rd. Muslimat : Eu…euh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada gampil kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap penting pisan urang kedah Ma’rifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina eta teh kang ?
  3. Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan ibadah urang, kapan “ Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh”, sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna, ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke bilih mubazir, hanas hese cape.
  4. Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi kana “ TAHKIK” atawa “ HAKUL YAKIN” atawa “ MA’RIFAT” teh ?
  5. Rd. Muslimin : Nya kedah ku “ Elmu”, ari elmu teh kapan kanyaho, ari kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur bucu-baca, bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima boh tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina pangalaman, ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak sing loba ngalaman.
  6. Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut kang !, rai kantos nguping kieu : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
  7. Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :

ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
  1. Rd. Muslimat : Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manus amah, panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia saret Surat Al-Ikhlas. Kalihna ti eta, naha geuning anu nga-daro’a bet sok disebat “ Tamu Alloh”, naha memang Alloh teh aya di “ Baetulloh” ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.
  2. Rd. Muslimin : Tuh ….nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?, netepan sadinten sawengi tijuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka Alloh, tapi sareng Allohna teu acan “ TAHKIK /HAKUL YAKIN”, nembe “ Percaya” ngaraos cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya padamelannana. Padahal geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam yen “ AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO HEULA KA ALLOH “. Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud sumujud tur sumerah ka Manten-Na.
  3. Rd. Muslimat : Muhun…..kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu masih sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu. Nyanggakeun ka salira engkang, ulah bosen masihan wejangan ka rai !.
  1. Rd. Muslimin : Ke…..urang papay heula nya, etang-etang pager enggoning nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti jungjungan Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna :
ﺍ ﻗـﺮ ﻜﺗـﺒـﻚ ﻜـﻒ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻚ ﺍﻠﻴـﻮﻤﺎ ﻋـﻠﻴـﻚ ﺤﺴﻴـﺐ
Iqro Kitabaka kapa binafsika alyauma alaika hasiba” (Artina : Baca ku maneh kitab anu langgeung, anu teu keuna ku ruksak, anu aya di diri maneh, bakal leuwih nyata Elmu-Na Panggeran teh aya dina diri maraneh, tingali-Na, dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri maneh. (Q.S Al-Isra :14)
Teras deui :

ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻮﻤﻦ ﺍﻋـﺮﻑ ﺮﺒـﻪ ﻓـﻘـﺪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻧـﻔـﺴـﻪ
WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil :
LAKOD HOLAQNAL INSAANA FIY’AKHSANI TAKWIN” (Anu hartosna : “Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhluk. Alloh, geura lamun maneh geus nyaho kana kaayaan diri sajeroning diri maneh sorangan”.
Salajeungna dina dalil disebatkeun :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae maranehna aya didinya anjeun-Na aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi pager pituduh ma’rifat ka Alloh.
  1. Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang nembe, boh Hadist boh dalil Qur’an, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten pentingna “ NGAJI DIRI “, ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan diri anu ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing kumaha maksadna kang ?
  1. Rd. Muslimin : Rai…..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian, bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna “ JASMANI”, ibarat “Baju” atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samara-samar) disebutna “ ROHANI” atawa Batin, nya mangrupa eusina anu dibungkusan ku Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin atawa Rohani, ieu anu kedah dipilari teh.
  2. Rd. Muslimat : Ke…kang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali ku soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?
  3. Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu percaya atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Qur’an : “ ALADZINA YU’MINUNA BIL GHOIB”, Hartosna : Nyaeta anu percaya (ngabenerken) kana hal-hal ghoib.
  4. Rd. Muslimat : Ih…. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.
  5. Rd. Muslimim : Nuhun atuh……, nanging percayana ulah semet basa, tapi kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4 (opat) perkara, nyaeta :
      • NARUN
      • HAWAUN
      • MA’UN
      • THURABUN
  6. Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
  7. Rd. Muslimat : Kieu atuh :
      • Ari NARUN teh Cahaya Berem
      • Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng

      • Ari MA’UN teh Cahaya Bodas
      • Ari THURABUN teh Cahaya Hideung
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT ADAM (Bahrul Adam), Hartina : “Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta katut sagala eusina.
  1. Rd. Muslimat : Ke …. Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.
  2. Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh oge dina dalilna : “ RUYA’TULLAHI TA’ALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI”, anu hartosna : Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.
  3. Rd. Muslimat : Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate kedah kumaha ?
  4. Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor Qolbu eta jadi “Hijab” atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.
  5. Rd. Muslimat : Ari anu janten kokotor teh naon kang ?
  6. Rd. Muslimin : Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageing. Geuning unggal wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa alit anu kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?
  7. Rd. Muslimat : Hemeng keneh kang !, keun et amah lenyeupanen rai. Mung nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat rupa tea, upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta Alloh teh ?
  8. Rd. Muslimin : Iss…atuh sanes, …. Moal enya Alloh tiasa disaruakeun sareng warna, kapan Alloh mah “ Teu warna, henteu rupa, henteu imah, henteu enggon”. Pokona henteu tiasa diumpamakeun sareng naon bae oge. Dalilna : “DHAT LAESA KAMISLIHI SYAE’UN“ ( DHAT BILA HAEFIN – DHAT BILA MAKOMIN)
  9. Rd. Muslimat : Ke….kang !, atuh ari teu warna, teu rupa, teu imah, teu enggon mah panginten teu aya ….?
  10. Rd. Muslimin : Teu aya kumaha ari rai ?, kapan cirina Alloh aya teh diantarana aya dadamelannana, nya buktosna ieu Alam Semesta katut eusina. Rai…!, omat kedah yakin teh “AYANA”, nanging Ayana teh, Dzat-Na anu katara sareng anu henteu karampa. Tah palebah dieu anu kedah leres-leres dilenyeupan, sing kersa nyusul, sing dugi ka HAKUL YAKIN tea, supados teu ragu-ragu, henteu was-was. Antebkeun deui rai…!, tah Rukun Iman anu kahiji, sareng SYAHADAT. Cing sok rai, ucapkeun deui Syahadat !
  11. Rd. Muslimat : Mangga : “ ASHADU ANLA ILLAHA ILALLAH, WA ASHADU ANNA MUHAMMADARRASULULLOH”.
  12. Rd. Muslimin : Cobi hartosna ?
  13. Rd. Muslimat : Abdi nyakseni teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, sareng abdi nyakseni yen Muhammad Rasulna Alloh”.
  14. Rd. Muslimin : Cing rai !, ari kecap “ Nyaksi ” kedah anu kumaha ?
  15. Rd. Muslimat : Nya.. anu nyaksi mah anu ningali, geuning aya kecap nyaksian.
  16. Rd. Muslimin : Tadi rai…!, ngucapkeun “Abdi nyaksi” yen teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, naha leres-leres rai teh parantos ningali ka Alloh ?
  17. Rd. Muslimat : Aaah…. Teu acan kang !, bororaah…..
  18. Rd. Muslimin : Naha atuh wanton-wantun ngucapkeun “Abdi Nyakseni” ari teu acan ningali mah ?, atuh kitumah sulaya.
  19. Rd. Muslimat : Muhun… da abdi mah sanggeum anu mamatahan sareng dina Kitab, nya kumaha ramena bae atuh kang !
  20. Rd. Muslimin : Iiiiih…sanes kumaha ramena rai !, tapi kedah ajeg pamadegan. Rai…! Upami ieu SYAHADAT teu acan kapendak SAJATINA, atuh dina RUKUN IMAN anu kahiji oge nyaeta “ Amantubillah”, pasti moal leres, ngan basa wungkul henteu dugi kana RASA.
  21. Rd. Muslimat : Aaah.. rumaos kang !, kumaha atuh nya ?
  22. Rd. Muslimin : Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum murangkalih keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos dewasa kieu mah, penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist Kanjeung Nabi Muhammad SAW oge : “ TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung leuwih alus tibatan ibadah 70 taun).
Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MA’RIFATULLOH teh estuning ngajurung supados pas sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu kahiji, nyaeta “Amantubillah”. Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan tur ditingkatkeun eta elmu anu parantos katampi the, sangkan dugi kana sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !, nyusud Elmu teh margi dawuhan Kanjeng Nabi oge : “ MAN THOLABAL SYAI’AN BIJIDDIHI WA JADAHU”, Hartosna : Saha-saha jalma anu nungtut salah sahiji hal bari keyeng, tangtu maranehna pasti bakal hasil.
  1. Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng “ SAJATINING SYAHADAT “.
  2. Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut engkang mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :
Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana tina tekad, ucap, lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak tina rentetan ibadah-ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan ka Nu Maha Suci. Dirina parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina baris “ Awas ka Hakekat Dzat Nu Maha Suci” (Tazalli), nya disebut “ Munggah Haji”.
  1. Rd. Muslimat : Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu kawengku ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana SAJATINING SYAHADAT ?
  2. Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh, kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :
  1. Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Ta’alla
  2. Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Ta’alla
  3. Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Ta’alla
  4. Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah Ta’alla
  5. Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.
Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AF’AL teh disebatna “ RUKUN MA’RIFAT” , Ma’rifat ka Alloh, Ma’rifat ka Rasululloh.
  1. Rd. Muslimat : Cobi …. Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
  2. Rd. Muslimin : Ke… rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu, supados rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng katerangan MARTABAT ALAM TUJUH, mugi rai !, masing tengeut ngabandunganana :
Alam Kahiji : disebutna AHADIAT
Alam Kadua : disebutna WAHDAT
Alam Katilu : disebutna WAHIDIAT
Alam Kaopat : disebutna ARWAH/ROH
Alam Kalima : disebutna AJSAD/AJSAM
Alam Kagenep : disebutna MITSAL
Alam Katujuh : disebutna INSAN KAMIL


PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH
  1. ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana teh “ SUWUNG”, kosong, uwung-uwung awang-awang, estuning bersih suci. Martabat (tingkat) ieu disebat oge martabat KUN HI DZAT, nyaeta kaayaanana teh estuning ngan Dzat. Teu aya martabat (tingkat) anu sejena anu ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning mangrupa sumber pikeun martabat-martabat saterusna. Dupi Dzat ieu di terangkeun ku dalil : “ DZAT LAESA KAMISLIHI SYAE’UN WAHUWA SAMIUL BASHIR” , Anu hartosna : Dhat anu teu aya upamana sareng naon-naon oge, sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun deui ku dalil : “ DZAT BILLA HAEFIN “, Anu hartosna : Anu henteu warna teu rupa. “ DZAT BILLA MAKANIN “, Anu hartosna : Anu henteu arah teu enggon. Moal aya anu mampuh ngalewihan tingkat ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi, sanajan para Malaikat Muqqarobin, moal saurang oge makhluk anu bisa tepi kana tingkatan Kun Hi Dzat (Kaayaan Dzat). Sakumaha didawuhkeun ku Alloh SWT :
WA YUHADZ DZIKRUMULLAHU NAFSAHU “
Anu hartosna : Alloh nyarek maraneh pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW :
QULLUKUM FI DZATILLAHI AHMAQ
Anu hartosna : Maraneh tetep teu bisa ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh SWT.
  1. ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi Dzat atawa Dzat Mutlak teh bade ngawujud Mungkin, tina Kalam-Na sareng Iradat-Na (Kersa-Na), nya ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL (Johar = Cahaya, Awal= mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh gumulungna antara Dzat sareng Sifat. Ieu teh mangrupa sumber pikeun sifat-sifat anu sejenna. Saniskara Sifat tangtu kaancikan Dzat. Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat “ KEMBANG JEUNG SENGITNA”, atawa “ MADU JEUNG AMISNA”, teu bisa di pisahkeun. Nur Dzat atawa Johar Awal teh, disebat oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal sagala rupa anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam, Bahrul Hayat (Sagara Hirup) Sanggeum para Wali mah SYAHADAT SAJATI.
  1. ALAM WAHIDIAT
Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng Keresa-Na), sorotna NUR DZAT atawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad, bijil NUR PAPAT WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA) :
  • Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
  • Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
  • Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
  • Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa teh disebatna Nur Muhammad. Saterasna tina Nur (cahaya) opat rupa ieu, ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu ngajadina Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ), nyaeta :
  • Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( )
  • Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( )
  • Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( )
  • Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( )
  • Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )

Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa Nur Muhammad teh, mangrupa bibit atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi katut sakumna eusina. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :

ﺍﻮﻞ ﻤﺎﺧﻟﻖﺍﷲ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻴﺎ ﺠﺎﺒﺮﻮﺧﻟﻖ ﻤﻧﻪ ﺍﻷ ﺷﻴﺎﺀ ﻮﺍﻧﺖ ﻤﻦ ﺗﻟﻚ ﺍﻵ ﺷﻴﺎﺀ

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA MINHUL-ASYYA’A WA ANTA MIN TILKAL ASYA’I,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.
ﺍﻧﺎﻤﻦ ﺍﷲ ﻮﺍﻟﻤﻮ ﻤﻧﻮﻦ ﻤﻧﻲ
ANA MINALLAHI WAL MU’MINUNA MINNI,,
Artina :
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng jalma-jalma mukmin asal ti kuring.


ﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﺮﻮﺡ ﺍﻟﻧﺑﻲ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ ﻤﻦ ﺯﺍﺗﻪ ﻮﺧﻟﻖ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺒﺎﺀ ﺴﺮﻩ ﻤﻦ ﻧﻮﺮﻤﺤﻤﺪ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻮﺴﻟﻢ
INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ‘ALAIHI WASALLAMA MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ‘ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN SAW. ,,
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.

ﻴﺎﺠﺎﺒﺮﺍﻦﺍﷲ ﺧﻟﻕ ﻗﺒﻞﺍﻵﺷﻴﺎﺀ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻤﻥ ﻧﻮﺮﻩ
YA JABIRU INNALLAHA KHALAQA QABLAL ASYYA’I NURA NABIYYIKA MIN NURIHI. ,,
Artina :
Ya ,,Jabir Saenyana Allah nyiptakeun samemeh ayana sesuatu, nyaeta Nur Nabi anjeun, daripada Nur-Na.
ﻠﻗﺪ ﺠﺎﺀ ﻛﻢ ﻤﻥﺍﷲ ﻧﻮﺮ
LAQAD JA’AKUM MINALLAHI NURUN. ,,

Artina :
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun Nur daripada Allah nyaeta Nur Muhammad SAW.
ﻴﺎ ﺍﻴﻬﺎ ﺍﻠﻧﺎﺲ ﻗﺪ ﺠﺎﺀ ﻜﻢ ﺍﻠﺤﻖ ﻤﻦ ﺮﺒﻜﻢ
YA AYYUHANNASU QOD JA ‘AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,
Artina :
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti Panggeran aranjeun nyaeta Nabi urang Muhammad SAW.
Tegesna :
  • Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.

Tina martabat Alam Wahidiat ieu lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh Anu Maha Sadia), nyaeta ANNAHU ANALLAHU, hartosna : Sabenerna Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku “ Kalam Qodim” eta, hartina aya anu diturutkeun (sasaran cariosan), nyaeta Alam Sifat sareng Alam Asma. Martabat tilu alam ( Ahadiat, Wahdat, Wahidiat), nyaeta Qodim.

Catetan :
Ayana susunan Martabat (tingkat) oge Alam teh, sakadar hiji gambaran wungkul, anu sabenerna mah Ulah dihartikeun saolah-olah tingkatan nurutkeun waktu, sareng tempat (ruang) alam. Tempat (ruang) alam, waktu can aya, kumargi Alloh SWT teu kakurung ku waktu sareng tempat, sapertos anu tos diterangkeun di luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam Wahdat (Sifat) sareng Alam Wahidiat (Asma), “ Roh Muhammad, ngaliputan, mangrupa awal atawa Cikal bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :

ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN ’URAFA FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.

  1. ALAM ARWAH/ROH
Nyaeta martabat Af’al nu Maha Suci, nyaeta Af’al Alloh ku Qodrat-Na (Kawasa-Na) sareng Irodat-Na (Kersa-Na), ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah, cara ngadamelna teh : Upami di bioskop mah Alam Wahdat (Nur Dzat/Johar Awal) teh ibarat “ KACA” dina proyektor :
  • Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat “ Kaca Berem “
  • Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat “ Kaca Koneng “
  • Cahaya Bodas (MA’UN) teh ibarat “ Kaca Bodas “
  • Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat “ Kaca Hideung “
Barang eta kaca disorot ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang, nyaeta :
  • Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
  • Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
  • Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
  • Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
  • Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam dunya)
Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal mah, proses ngagelarkeun Alam Semesta (Dunya) teh. Nagging ari saleresna mah teu kitu, ku Kawasa-Na, ku Kalamulloh-Na, KUN FAYAKUN, nya jleg bae, Alam Semesta (Dunya) kumplit sareng eusina, boh anu lemesna boh anu kasarna. Jadi tegesna Alam Semesta (dunya) teh kajadiannana tina Nur Muhammad mangrupi Af’al-Na nu Maha Suci (Alloh SWT).

  1. ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun deui midamel Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah nyandak sari pati (acina) Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :
ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar jadi Dalil Muhammad, nyaeta MIMHEMIMDAL, nyaeta :
  • Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL ()
  • Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE ()
  • Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()
  • Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL ()
  • Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω )

SAREATNA NYA JANGGELEK JADI WUJUD “ MUHAMMAD”

ﻣ ﺣ ﻣ ﺩ
  • MIM AWAL () Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SIRAH
  • HE () Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna DADA
  • MIM AKHIR () Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna UDEL
  • DAL () Tina Lafadz “ Muhammad” tegesna SUKU

Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu lobana 9 (salapan) liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta wujud teh. Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati : SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna tina Nur Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa (Jagat leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani disebut Muhammad Rasululloh, sareng Badan Jasmani disebut Adam), malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah mangrupa Af’al-Na atawa Karya-Na Alloh SWT.
Kitu tah….. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Af’al teh. Sateuacana neraskeun kana martabat anu sanesna, kumaha dugi ka dinya parantos paham ?

  1. Rd. Muslimat : Ke….kang !, rada lebeng keneh…., janten eta anu di jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA SYAHADAT ?
  2. Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?
  3. Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup maca we Syahadat teh.
  4. Rd. Muslimin : Iiih…ari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat, ari anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu leresna atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu “ LAESA KAMISLIHI SAE’UN”, nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa, sareng warna, sareng tempat, sareng waktu, sareng sora jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba Wisesa kana saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna (rupana) teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir upama seneu sareng hurungna. Dzat ibarat seneu/panas, Sifat ibarat hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat ngaliputan Sifat. Di dieu nyata aya Bibit Hirup – Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal tina sorotna tina Johar Awal atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa, disebut Nur Muhammad nya ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ) = Alif – Lam – Lam – He, ari Tasjidna jadi Johar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa : Berem, Koneng, Bodas, Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa bibit Hirup sareng Hurip (Rasa) mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya buktina Alam Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk lemes (Jin) jeung Setan. Ieu ngabuktikeun Af’al-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-Na), sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung sareng saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu nyata, istuning ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT.

  1. Rd. Muslimat : Ke…..kang !, tadi ku engkang diterangkeun :
Dzat Alloh Ta’ala teh LAESA KAMISLIHI SAE’UN
Sifat Alloh Ta’ala teh CAANG LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Ta’ala teh NUR MUHAMMAD (Nur Papat Warnae)
Af’al Alloh Ta’ala teh Saniskara anu dumadi, Alam Semesta katut sagala eusina, kalebet diri manusa. Anu bade ditaroskeun ku rai ! ayeuna ari Alloh-Na nu mana ?
  1. Rd. Muslimin : Ari….rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge : “INNALLOHA ALA KULLI SAI’IN QODIR”, Hartosna : Satemen-temenNa Alloh Ta’ala Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.
Pikeun jelasna, kieu geura rai :
      • Dzat ngaliputan Sifat, ibarat “Madu gumulung sareng amisna” ari Lafadzna Alip
      • Sifat, enggon/tempat netelakeun Asma, ibarat “Srangenge (Panon poe) gumulung sareng caangna” ari Lafadzna Lam Awal.
      • Asma, enggon/tempat netelakeun Af’al, ibarat “ Kaca enteung anu dipake ngenteung”, pasti aya wawayangannana (Kalangkangna) nurutkeun saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam Akhir.
      • Af’al, enggon/tempat perbawaan Dzat, ibarat “ Laut sareng ombakna, pasti pangawasa ombak gumntung ka laut”. Ari Lafadzna He.
Tuh…kapan ngawujud Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ). Janten sakali deui, sagala rupi anu aya boh anu batin (ghoib=samara-samar), boh anu lahir (bukti) parantos ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT. Kumaha rai…!, parantos rada ngageubray ?, paham ?......
  1. Rd. Muslimat : Nya…kanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran, janten ku Qudrat – Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca Syahadat anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Af’al, ayeuna kantun hiji deui, kedah Sidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
  2. Rd. Muslimin : Nuhun… atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana Dzat, Sifat, Asma, Af’al Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, kapan kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka awasna, ulah mung semet basa.
  3. Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
  4. Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari jalanna, pilari tarekahna atawa Torekat-na.
  5. Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
  6. Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu kantos Ma’rifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng mah, piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.
  7. Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
  8. Rd. Muslimin : Rai… upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah Madinah, eta disebatna naon ?
  9. Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
  10. Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna, oge Rasululloh Majajina, Syareatna, da ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu maot. Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka deui sareng lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar Awal anu jadi bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad

HURIP nyatana Rasa, Rasana Nurani, Rasa Alloh nya RASULULLOH.
Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan ngaliputan gumulung dina saniskara anu dumadi, nya tangtosna oge ngaliputan, ngancik, gumulung, akrob di diri manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya Hirup sareng Rasa ?....... lamun diri rai parantos dikantunkeun ku Hirup (Nur), sareng Hurip (Rasa) atuh nya maot pingaranennana.
  1. Rd. Muslimat : Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang pangna rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin, lada, amis, sieun, keueung, melang, ngewa, water, sedih, sareng sajabana, kapan eta teh nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng Hadist nuduhkeun kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.
  2. Rd. Muslimin : Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi aya tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani, katilu Rasa Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad, contona : ateul, diciwit, kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah, contona : Asin, amis, pait, lada jsb. Anu kana irung contona : Hanyir, bau, seungit jsb. Ari Rasa Rohani contona : Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep, senang, sugema, melang, keueung, sieun jsb. Ari Rasa Nurani anu ngadorong kana sifat-sifat kahadean, luyu sareng Sifat Alloh Rahman – Rahim, contona : Jorojoy rasa nyaah, hayang mere ka budak yatim, kanu miskin (welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun ibadah luyu sareng ajaran Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri dibarung ku rasa rumasa yen usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT. Tah…. Rasa anu ieu rai !, anu ka golong kana title Rasa Alloh atawa Rasululloh mah, penting pisan Sidik tur sing langgeung karasana ku urang. Kumaha rai !...... kahartos sareng kapaham….?
  3. Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu kedah diusahakeun sangkan langgeung karasana. Hanas tadina mah kedah kapendak atawa sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh anu parantos pupus emutan teh.
  4. Rd. Muslimin : Tah…kapan nyambung sareng anu sakumaha ka- unggeul dina dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun. Diantarana :

ﻮﻤﻦ ﻄﻠـﺒﻞ ﻤﻮﻠﻦ ﺒـﻐـﻴـﺮﻱ ﻧـﻔـﺴـﺢ ﻓـﻘﺪ ﻇﻞﻇﻞ ﻷ ﻦ ﺒـﻴـﺪ
WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BA’IDA
Ceuk sundana : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA”.
Sok sanaos rai parantos paham kana babaran kedah Sidik ka Rasululloh, tetep kedah kagungan padamelan, kanggo ngabuktoskeun kana kecap : “ WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”.
Rai..!, kamalinaan geuning ieu teh parantos wengi teuing, peryogi istirahat. Insya Alloh ngeunaan bag-bagan Martabat Alam Mitsal sareng Insan Kamil mah engke kapayun urang di sambung didadarkeun deui.

WASSALAM ( DISAMBUNG KA JILID II … ! )