Ki Sunda mibanda kayakinan tiap bangsa boga ciri jeung Purwadaksina anu beda nepi ka aya babasan "Ciri Sabumi, Cara Sadesa". Ngandung harti tiap bangsa mibanda karakter jeung sifat anu beda. Nepi ka aya deui babasan “Budaya Tanda Hiji Bangsa”.

Enggoning nyanghareupan bangsa deungeun poma ulah rek kapangurahan ku budaya deungeun nepi ka cul kana budaya pribadi. Ku hal ieu perelu ditegaskeun urang kudu milampah tujuh sikep dina ngayonan budaya jeung bangsa asing nyaeta :

Pengkuh, kukuh, lantip-taliti, landung , linduhung, aji jeung uji.

Sifat setan geus bisa disinglar. Nepi kana ajaran keur pager insani seperti tujuh hal nu diluhur. Hal ieu minangka gabungan antara sifat hewan jeung sifat Malaikat atanapi Dewa dina diri manusa. Sifat nu tujuh teh nyatana :


1. Pengkuh
Pengkuh tetep dina pamadegan hanteu gedag bulu salambar. Kapengkuhan bisa hade lamun pengkuh dina hal-hal anu hade luyu jeung agama katut budaya (fisabilillah). Tapi kapengkuhan dina jalan setan (fisabithogut) perlu disinglar. Pengkuh upama dina jalan fisabilillah tapi upama dina jalan teu hade mah disebutna teh mantangul atanapi bedegong.

Didieu urang kudu bisa nahan diri sangkan kapengkuhan ulah kalindih jadi kamantangulan atawa kabedegongan hirup.

Pengkuh teteg dina budaya ulah kapangaruhan ku budaya Asing. Ieu hal anu beurat sabab perang budaya bakal lumangsung sapanjang jaman. Kaleungitan ku sifat setan anu dibahas dina maleman ka genep geus ngalantarankeun urang sunda eleh dina perang budaya ieu. Lain ngelehan da teu pantes dina pangperangan mah aya kecap ngelehan atawa api-api eleh.

Kateu pengkuhan bangsa urang geus tega ngarobah budaya nepi ka make istilah Demokrasi tina budaya deungeun. Gender, Ham, Rasial jeung sajabana nu datangna tina pola pikir bangsa deungeun.

Seug ditalungtik jelema anu ngarobah budaya resep ka budaya asing teh geuning inyana teu pernah ngarti kana budaya Sunda nu bener. Nu dianggap Sunda ku maranehna teh Kejawen, Hindu atawa Budha. Paingan atuh palid ku budaya Asing da dirina sorangan teu ngarti jeung teu pengkuh kana Jati Purwa Daksi Budayana.


2. Kukuh
Kukuh boga pamadegan anu kuat nu ngalantarankeun manusa jadi pengkuh. Ieu oge sarua bisa dina hal anu hade bisa oge dina hal anu goreng. Jalma bisa wae mibanda alesan anu kuat (kukuh) pikeun nglanggengkeun kagorengan jeung kauntungan dirina bari ngarugikeun ka batur. Nyanghareupan hal ieu manusa kudu bisa nempatkeun ieu sir sangkan ulah nepi ka mengpar tina tetekon Sanghyang Keresa (Nu ngersakeun ~ Alloh SWT).

Kukuh pengkuh bakal jadi hade seug landasanna Agama jeung budaya. Tapi kukuh pengkuh bakal jadi balai keur pribadi bangsa jeung nagara seuh dumasar kana napsu. Tumanya naha Indonesia mibanda budaya? Indonesia sabenerna teu mibanda budaya. Ku hal ieu kiwari Indonesia teu mibanda karakter, gumantung kana budaya Asing.

Kasalahan kaum Nasionalis anu hayang ngalebur budaya Suku bangsa jadi hiji budaya Indonesia geus ngalantarakeun karakter bangsa urang jadi ancur. Ninggalkeun sukuisme bari ngaragamang kana budaya Asing leuwih ngancurkeun karakter jiwa bangsa nepi ka kamunafikan nyengka hese dibendung.

Kakuatan budaya Indonesia gumantung kana kakuatan budaya Suku bangsana masing-masing. Kawengku kana Bhineka Tunggal Ika. Tur teu asup kana kabhinekaan hiji budaya bangsa anu boga nagara. Saperti budaya Cina atawa budaya bangsa sejen anu mibanda nagara sorangan.


3. Lantip Taliti.
Lantip taliti sifat anu hade pikeun manusa samemeh mere kaputusan dina tindakan. Katalitian ieu oge bisa dipake pikeun ngalampahkeun jalan nu teu hade. Seperti koruptor dina ngajalankeun kajahatan lamun lantip jeung taliti bisa moal kapanggih. Kitu deui hal-hal nu sejen. Lantip taliti dina jalan anu salah disebut licik cilimit.

Licik cilimit jeung lantip taliti antagonis atawa papalimpangan. Nu hiji dina jalan euwah-euwah nu hiji deui dina jalan tumaninah. Manusa kudu bisa nyengkeran jeung mageran sangkan katalitian hirup ulah dumugi ka ngawujud kalicikan.


4. Landung.
Landung kandungan laer aisan, ngawujud sifat kabijaksanaan dina diri manusa. Mangkade ieu kabijaksanaan teh dipilampah dina jalan salah. Hakim anu mere hukuman ringan kanu hiji kasalahan gede. Bisa jadi bijaksana ceuk sakitan. Tapi bakal ngawujud kateuadilan ceuk hukum upama salah nempatkeun kabijaksanaan.

Bijsaksana lain dina harti gampang ngahampura tapi asak ngahampura. Apal mana anu kudu dihampura jeung mana anu kudu ditibanan hukuman sangkan lampah salah jeung teu munasabah ulah dumugi ka ngahibah lampah. Kiwari loba nu gampang ngahampura bari jeung masih atah keneh. Akibatna timbul kateuadilan hukum.

Hal anu mawa akibat keur bangsa, nagara, Agama, ulah diantep tetep renggenek. Kaicda bedana jeung hiji kasalahan anu dilaksanakeun kalawan kapaksa tur ngarugikeun pribadi wungkul. Sabab keur sapribadieun gampang ditebusna. Tapi kasalahan anu ngancurkeun bangsa jeung nagara. Ulah nepi ka atah hampura tapi kudu bener-bener asak hampura sanajan pangampura teh ngakibatkeun perlayana hiji jiwa anu mibanda kasalahan.

Kiwari hukum di urang atah hampura, samalah mungkin bae buruk hampura....

5. Linduhung
Tina kecap ‘Linduh’ sareng ‘Hung’. Linduh hartina iuh hartosna tiasa ngiuhan tina panasna sorot kahirupan. Hung dina kecap Sunda ngandung harti agung. Janten sanggup ngiuhan tina kalempohan panasna kahirupan ku niron kaagungan sifat mantena. Teu sadayana jalma sanggup mibanda sifat linduhung ieu. Linduhung sok dihartikeun loba akal jeung tarekah. Bisa jadi da jalma nu kaiuhan ku Pangeran pasti salawasna meunang pituduh manten-Na.

Loba akal jeung tarekah dina ngarengsekeun pasualan nu disanghareupan. Linduhung bakal ngawujud jadi linduhong lamun kapinteran akal pikiran jeung ieu tarekah dipigawe dina jalan nu teu munasabah. Ku kalinduhongan jelema bisa nyieun rupa-rupa perdaya dina hirupna nepi kabatur jadi rugi ku kalinduhongananan. Ku hal ieu omat pisan Linduhung ulah patukeur tempat nepi ka jadi linduhong.

Tah. Linduhong anu sok dijalankeun ku manusa kiwari. Ngagunakan akal tarekah pituduh Mantena kanggo kapentingan napsu jeung karepna sanajan ngarempak Agama katut darigama. Nu ahirnas nagri jadi berewit, nagara tunggara, bangsa balangsak....deudeuh anaking.

6. Aji.
Metakeun tarekah batin, mikir jeung ngimpleng angen geusan ngungkulan pasualan. Ieu oge sarua ulah nepi ka urang ngaji atawa metakeun tarekah batin pikeun kapentingan diri pribadi atawa golongan nepi ka ngarugikeun batur atawa bangsa jeung nagara kalawan langsung atawa teu langsung. Kapinteran bakal ngabalinger lamun urang geus meta tarekah pikeun kapentingan pribadi, kulawarga jeung golongan.

Nu disebut aji ngagabungkeun kakuatan iman, rasa, morasl pikiran sareng intelektual. Nepi ka ngawujud hiji kamaslahatan keur bangsa jeung nagara malah tembus ka sakabeh alam (Rahmatan lil alamin).

Sanes saukur Nabi Muhammad anu sanggup jadi Rahmatan lil Alamin. Tapi sadayana urang Sunda tur nu ngaraku urang Sunda kudu sanggup napak lacak lampah para Nabi jeung Rasul nepi ka dirina sanggup nyampurnakeun sifating Rasul dina diri sewang-sewangan. Cacak ngan aya saurang nu sanggup nyampurnakeun diri ngajadi Rahmat Sakabeh Alam. Geus karasa cahayana tug dumugi ka akhir zaman. Komo seug nu ngarasa jadi urang Sunda ngatik ngaji diri nepi ka ngajadi Rahmatan lil alamin.

Sanajan moal diangkat Nabi sareng Rasul, sabab geus tamat Risallah dumugi ka Samiang Keling Nunggal. Tapi Sunda mibanda kayakinan jalma anu sanggup nyampurnakeun diri jiga Nabi jeung Rasul samalah ngaleuwihan Nabi jeung Rasul baris terus tumali patumbu-tumbu tug dumugi ka poe ahir. Ngan hanjakal tibaheula oge jamla anu teteg dina papagon sakadar jadi guyonan.

Aji diri nepi ka ngabukti, lain keur pribadi tapi keur lemah cai. Can bener urang Sunda satungtung lemah cai prihatin, sarakan awut-awutan, nagara ngajadi dongdonan nu lian. Komo dumugi ka Cacandran Jati Kasilih Ku Junti.


7. Uji.
Hiji hal anu gagal kalawan sabar ditaliti deui nepi ka manggih hiji strategi anu jitu. Sifat ieu hade lamun dina jalan hade. Tapi bisa goreng lamun dina jalan anu salah.

Katujuh ieu sifat mahayu jeung mahala. Bisa manfaat bisa oge jadi mudzarat. Ku hal ieu manusa kudu bisa ngadali diri sangkan ulah salah lampah dina hal ieu.

Sifat nu kapedar dina ritual dinten ka genep sareng katujuh bakal hade dipilampah dina jalan anu gorengna pikeun nyanghareupan musuh atawa bangsa Asing (deungeun). Ku hal ieu urang bakal hese kapangaruhan ku bangsa deungeun tur yakin jeung motekar ku akal jeung pamakirian Purwadaksi bangsa urang.

Seug Ki Sunda pengkuh kana budayana, nu bakal unggul digjaya lain ukur urang Sundana tapi bakal nyengka ka sakuliah Nusantara (Indonesia).

Enggon nyanghareupan haeubna budaya deungeun. Ujian kacida pentingna pikeun kalanggengan budaya urang. Istilah budaya Asing anu aya dina budaya urang teu pantes digunakeun ku urang, leuwih hade make istilah budaya urang bae. Budaya Asing anu leuwih alus tinimbang budaya urang ulah dipake kitu bae mending make budaya urang anu terus disampurnakeun ku ngeunteung tina budaya Asing tea.

Deungeun hade pieunteungeun tapi teu sawadina lamun dipake dina laur tangtung budaya urang. Eunteung tangtu disimpen, moal aya nu bisa ninggali eunteung nu urang. Kitu deui sanajan budaya deungeun dupake ngeunteung keur ngaropea budaya urang. Ulah nepi kakatohyan urang make budaya deungeun.
 
Tujuh dinten Sabada ditilar dina budaya Sunda anu kiwari disebat “tahlilan” geus dirobah tur diropea ku nu mikacua jeung mikangewa budaya Sunda. Maksud nu saestuna mah hayang ngancurkeun urang Sunda ku ngaropea budayana sangkan salah jeung taya manfaatna.

Nilik kana strategi ngancurkeun hiji bangsa ku ngancurkeun budayana. Pasti bangsa nu hayang ngancurkeun jeung ngabinasakeun ki Sunda lain bangsa jore-jore. Tapi bangsa anu ngarti jeung nyaho yen ‘budaya ciciren hiji bangsa’. Hiji bangsa dimana ancur budayana pasti bangsana oge bakal ancur, moal boga kapribadian gumantung jeung kabuntang-banting diantara budaya Asing.

Saha nu hayang ngancurkeun budaya Sunda? Aya dua bangsa nu disilibkeun dina satra atawa siloka Sunda, nyaeta :

1. Munding Bule Papasangan.
2. Munding Wulung Rarakitan

Pikiran wae ku urang aya dua bangsa nu kulitna Bule jeung aya dua bangsa ku kulitna hideung. Nu bakal ngancurkeun bangsa urang. Ku hal ieu urang kudu ati-ati nyanghareupan Munding Bule jeung Munding Wulung.

Kusaha ekonomi jeung politik dikawasana kiwari? Nepi ka bangsa urang ukur lalajo jeung jadi badega dinaraga sorangan?

Kapan ku Munding bule. Ku saha budaya jeung ageman hirup dikawasana kiwari nepi ka urang Sunda jauh tina Jati Purwadaksi pribadi?

Kapan ku Munding Wulung. Piraku hanteu kaharti montong jadi tokoh jeung Pamingpin Sunda atuh ari bodo teu ngarti kitu-kitu acan mah.

Lamun ngarti naha atuh Munding Bule jeung Munding Wulung diantep ngaranjah nagara urang?


Urang Sunda Jeung 7 Dintenan Sabada dikantun ku Pupus

Ritual Tujuh dinten sabada dikantun ku Pupus dina Budaya Sunda nu bener tur beuneur nyaeta :

Upaya ki Sunda sangkan jalma nu hirup tutas ditilar ku kulawarga ulah nepi ka jadi bugang saperti nu diruang samemeh paeh.

Tegesna hirup kudu leuwih Seungit ku ngamumule jeung miara tujuh sipating manusa anu harade tur nyinglar tujuh sifat manusa nu bakal ngalantarankeun manusa jadi bangke samemeh paeh.

Guna jeung manpaat ritual tujuh dinten sabada ditilar jelas keur nu hirup. Mungguh nu geus maot geus putus sagala amalna anging tilu hal nu dibawana, ieu kayakinan Sunda luyu jeung Islam kapan dina Agama Islam oge kitu pisan, do’a nu katampa teh do'a anak soleh, lain do’a meunang meuli anak soleh. Matak nepi ka menta do’a jeung nitah ngaji ka ajengan jeung santri oge meureun anakna teu becus ngado’a rek disebut soleh timana.

Ku anu mikangewa budaya Sunda jadi dibalikeun kieu :

“...Tahlilan pikeun ngaringankeun jeung nganteurkeun almarhum sangkan caang taya masalah diperjalanan ka alam baqana atawa alam kuburna...”.

Nepi ka aya nu nyebutkeun si Mayit dina poe kahiji kacida tagiwurna, ku ditahlilan si mayit jadi asa kabaturan, jeung sajabana. Anu anehna ieu kitab teh ditulisna ku bahasa jeung hurup Arab deuih ngarah siga tina Agama Islam meureun. Akhirna Kiwari kapan maseakeun da tetep dina hadist jeung Qur’an mah dalil nu diparake kunu sok tahlilan teu aya rengkolna.

Harepan ku dibahas deui “RituaI Tujuh Dinten Sabada Di kantun ku nu Pupus” dina budaya Sunda ieu. Sing jadi pamisah kanu marudah lampah. Ieu ritual atawa ruwatan budaya anu taya hubungan pisan jeung si mayit anu geus dikubur. Tapi penting pisan sabab aya hubungan pikeun ngamumule daya upaya ringkang hirup kulawarga jeung tatangga si Mayit.

Urang aremutan wae ku sadayana ku pikir anu wening seug pedaran ieu dianggap salah. Tong bujeng kana pedaran budaya dalah kana pedaran Agama oge loba nu nyalahkeun, nepi ka sewang-sewangan boga pamadegan sorangan kajeun beda jeung batur.

Komo kana ieu pedaran nu nyoko kana budaya lain Agama. Sedeng budaya keur bangsa anu teu ngarti jeung lemah Purwadaksi mah kapan dianggap hal anu paling teu penting.

Saeutik wae pikeun Konci Tafakur mah. Gede mana manpaat jeung madharatna hiji pedaran?

Jeung sing inget budaya anu loba ngaitkeun mayit di alam kubur jeung ritual di alam dunya nu masih keneh hirup kabeh oge diluar budaya Sunda jeung diluar Agama Islam.

Kukituna urang kudu surti jeung ati-ati dina ngabedah ajaran boh agama atanapi budaya. Nu masih keneh salah hampuraeun, ku urang kudu dibebenah sangkan kaluar tina kasalahanna. Ulah diantep. Sabab ngantep kasalahan batur sarua jeung urang geus katilar ku rasa sememeh perlaya. Sarua jeung paeh samemeh jadi bangke.

Lamun urang maca hiji pedaran tur teu sapagodos jeung pamikiran urang. Ulah waka dipiceun tapi ingkeun jeung terus tapakuran nepi kakaharti ku pikir jeung mibanda kacindekan ieu pedaran teh bener atawa ieu pedaran teh salah. Geus kaharti kakara amalkeun. Dina harti lamun hiji pedaran salah kudu geuwat nyieun pedaran menerkeun kasalahan bari upayakeun sangkan pedaran urang nepi ka nu medar kasalahan tea.

Lamun pedaran bener geuwat tepikeun kanu sejen jeung amalkeun dina ringkang hirup urang. Nepi ka pedaran teh bisa ngawujud jadi ringkang hirup. Ulah ukur jadi pedaran awangga atawa wacana pribadi diri urang wungkul tapi kudu nyengka kasapangeusi nagara. Ku hal ieu bangsa jeung nagara bakal tumeka sampurna ti mangsa ka mangsa jeung ti generasi ka generasi saterusna.

Lamun urang geus nganggap bener tapi ieu pedaran teh beurat. Dina harti urang can sanggup ngalaksanakeun ieu pedaran. Omat ulah nganggap ieu pedaran salah tuluy miceun atawa nyumputkeun ieu pedaran sangkan kasalahan urang ulah diwiwirang ku pedaran anu bener tapi urang can sanggup milampahna.

Kudu terus terang ka balarea ieu buku pedaran teh bener ngan pikeun sakuringeun can sanggup milampahna. Muga salira tiasa ngalarapkeun ieu pedaran dina kahirupan.

Urang kudu boga harepan pedaran nu karasa beurat ku urang teh bakal sanggup dilaksanakeun kunu sejen warga sabangsa jeung sanagara. Ku hal ieu kahengkeran diri pribadi ulah dumugi kajadi kahengkeran bangsa jeung nagara.

Cag muga nagara waluya, mugi nagri walagri, muga ratu rahayu. Jadi caraka nagara andika.

Pun.

=================================
Padepokan Giri Malela Ki Jayadiprana Baraya SKKS, Awal September 2008.