Pantun di handap ieu, mangrupi paguneman catur Rakean Kalang Sunda, hiji Puragabaya (Satria Pinandita) Padjadjaran, sareng Jaya Antea, satria nu nyamar jadi Kean Santang, mugia mangpaat tur aya pulunganeunnana.

Pun Sapun ...kaluhur ka Bale Agung ka Papayung Ratu Pamunjung Anu Nunggal di Mandala Agung

Jaya Antea unggah bari ambek, bari ngalugas Kujangna inyana nyampeurkeun Kean Kalang Sunda.

Ceuk Rakean sabari ngarenghap :

”Seug!“
 
Jaya Antea ngarontok Rakean, bari Kujangna ditubles-tubleskeun, tapi Kujangna kalah ka miley sabari ngebul … Jaya Antea nyabut kerisna laju ditewekeun, tapi kerisna kalah ka ngeluk cara malam kapanasan. Jaya Antea mapatkeun ajianna bawa ti sabrang, tapi Rakean henteu igeug-igeug acan.

Ceuk Rakean :

”Antea! dia memang jaya dina kagagahan dia, tapi ku dia geuning kadeuleu, euweuh pakarang dia anu teurak, jeung ajian dia anu dipajarkeun pangunggulna, geuning sarua keneh”
 
”Antea, geuning tetela lain pakarang lain jimat. lain ajian kasaktian anu anyar anu mawa jaya di alam ieu teh, kiwari lain wayah pieun kaula ngalawan dia, sabab lalakon urang duaan lain mudu anggeus lebah dieu”

”Antea! lamun dia percaya bener-bener, yen ngan Sembaheun dia wungkul anu kiwari pangmanjurna teh, kaula oge tetep percaya, yen Sembaheun kaula ti baheula oge moal deuk ninggalkeun kaula! memang bener, kaula teh nyembah ka gunung eujeung batu, Tapi, lain gunungna lain batuna anu ku kaula disembah dipunjung-punjung“


Sinembah pamunjung kaula, Antea, nya ka Anu Ngayakeun eta gunung jeung batu, gunung eujeung batuna ngan saukur marga paunggahan, pieun ngunggahkeun pamunjung kaula, ka Anu Agung di Mandala Agung

”kaula teu nyaho di tanah nu disaba ku dia, Tapi, tina carita ti luaran, Antea, anu mariang ti dieu teh ti dituna cenah geuning ngajarugjug anu bungkeuleuk ka pamunjungan anu lain tina emas eujeung lain tina salaka, tapi tina batu dina taneuh“

”ayeuna kaula nanya ka dia, marulang ti tanah sabrang, di dieuna teh laju loba nu jadi beunghar! ceuk kaula, anu lain beunghar ti asal teh, tapi jadi beunghar anggeus mulang ti pamunjungan. anu kitu teh, jadina beunghar meunang pepenta! anu didieu mah disebutna, Muja! jeung kumaha, anu beunghar beunang pepenta ti tanah sabrang tarelengesna leuwih-leuwih manan jelema anu bareungharna meunang pupuja di nagara ieu?“

”mun ceuk dia ka sabrang mah lain muja, tapi kawidian jadi beunghar tanda katarima pangabaktina, jeung kapinteranana tina tamat ngajina, di dieu oge, nya kitu, moal beunghar mun mujana teu katarima atawa hanteu tutas tapana“

”ayeuna Antea, dia percaya, yen sakabeh anu kumelip, anu gedag anu usik, eta kabeh dibogaan ku : Anu Ngan Sahiji, kaula oge nya kitu keneh eta Anu Ngan Sahiji tadi di kaula mah disarebutna : ANU NUNGGAL, Anu Nunggal di sakabeh alam, Anu Nunggal di sakabeh jagat“


”Naon bedana? Anu Ngan Sahiji anu dia jeung Sang Hyang Anu Nunggal anu kula? Seug! geuning bedana dina sebutan wungkul jeung ngan bedana dina lampah sinembahna!“


”anu di dia disebutna : pasantrenan, di kaula mah ngaranna teh : padepokan wujudna kitu-kitu keneh, bedana ngan dina ngaran jeung dina marga ajaranna, tapi tujuanna hanteu geseh saeutik oge, nyaeta, waluya hirup di jagat ieu, waluya hirup di alam anu bakal kasorang“

”kaula hanteu bisa ngabuktikeun, yen SangHyang Anu Nunggal teh eta-eta keneh jeung Gusti Agung dia Anu Ngan Sahiji, amun dia, Antea, bisa nganteur kaula ka karatonna Gusti Agung dia, hade, tangtu kaula ayeuna keneh taluk ka Jaya Antea, tapi, amun dia can bisa ngabuktikeun dimana cicingna Gusti dia, dia hanteu mudu giruk ka Padjadjaran, nu manandeh ganti petana sinembah! “


”Kaula mawa kapercayaan kaula, bawa ku dia kapercayaan dia, sakauman dia, tapi, ulah nyisikudi ka anu henteu sudi!“

”tah deuleu! ieu cangkalak dia, tuh udar sorangan, Seug, geura susul kaula!“


Barang Jaya Antea nubruk Rakean, Rakean mah anggeus ngiles, teu kadeuleu, teu kadenge.