Di Cipaku Darmaraja Sumedang aya kecap "Teu Menang Nanggap Wayang" ieu mangrupakeun kearifan pikeun seuweu-siwina Sumedanglarang anu aya di kabuyutan CIPAKU Darmaraja Kabupaten Sumedang, ieu pesan moral teh kacida hade pikeun seuweu-siwi putu boh nu aya di kabuyutan Cipaku atawa nu diluar CIPAKU.   Sumangga ayeuna urang pedarkeun amanat ti karuhun Cipaku teh :

"Teu Meunang Nanggap Wayang"
Siloka ulah ngan saukur lalajo...janten penonton...janten urang ukur lalajo jalanna carita wayang, sakuduna urang anu janten wayang terlibat dina carita anu dilakonkeun, ulah ngan saukur janten penonton wungkul. Kitu manawi silokana. Kanyataan ayeuna bangsa urang ngan saukur janten penonton wungkul...teu ngigelan jaman anu aya malah diigelan jaman...teu bisa janten trend setter malah palid ku trend anu diciptakeun ku batur. Ulah oge janten dalang sabab dalang mah sifatna Nu Kawasa anu ngatur carita, urang teu bisa ngatur wayang batur...Urang ngan saukur bisa jadi diri sorangan. Susah pisan ngarobah batur nu bisa ngan ngarubah diri sorangan, susuganan bisa menginspirasi batur kanggo berubah. 

Janten hayu urang igelan jaman jadilah wayang dina carita ulah ngan saukur lalajo, pas carita lucu ngan saukur seuri. Darma wawayangan wae, urang nu jadi wayangna Nu Kawasa anu jadi Dalang-NA.
===========
Kintunan : Mang Kaby (Ir. Asep S  M.m, warga Cipaku asli anu tinggal di Bogor)